Selasa, 15 Oktober 2019

Sisindiran Sunda


SISINDIRAN SUNDA
Oleh :
Iman Lesmana

Rarakitan
1.        Sing getol nginum jajamu,
Nu guna nguatkeun urat,
Sing getol neangan elmu,
Nu guna dunya aherat.
(Harus rajin minum jamu,
Untuk menguatkan urat,
Harus rajin mencari ilmu,
Berguna dunia akherat)

2.       Meugeus diangir ku jeungjing,
Geura ganti ku kihiang,
Meugeus pelesir ti peuting,
Geura ganti ku sambeang.
(Jangan dikeramas  jeungjing,
Gantilah dengan kihiang,
Jangan bepergian malam,
Gantilah dengan sembahyang)

3.       Lamun urang ninun kanteh,
Ulah resep make poleng,
Lamun urang leutik keneh,
Ulah resep ngomong goreng.
(kalau kita nenun benang,
Jangan pakai kain poleng,
Kalau kita masih kecil,
Jangan berbicara jelek)

4.       Lamun urang ka cikole,
Moal hese tumpak kahar,
Lamun urang boga gawe,
Moal hese barangdahar.
(kalau kita ke Cikole,
Tidak susah naik delman,
Kalau kita punya kerja,
Tidak akan susah makan)

Paparikan
5.       Baju kutud heureut pola.
Dikelim teu dijalujur,
Mun teu cucud ti sakola,
Arisin balik ka lembur.
(Baju ngatung sempit pola,
Dilipat tidak dijahit,
Kalau tak tuntas sekolah,
 malu pulang  ke kampung)

6.      Ka kulah nyiar kapiting,
Ngocok lobak bobodasna,
Ulah sok liar ti peuting,
Osok loba gogodana.
(Ke hulu cari kepiting,
Mengocok putihnya lobak,
Janganlah keluar malam,
Tentu banyak godaannya)

7.       Samping kageutahan dukuh,
Dikelab di kacaikeun,
Nu matak maneh sing kukuh,
Papatah guru imankeun.
(Kain tergetahi dukuh,
Dicuci di dalam air,
Sebaiknya kamu patuh,
Nasihat guru resapkan)

8.      Hampelas raraga jati,
Palataran babalean,
Iklas raga reujeung pati,
Ngabelaan kasaean.

9.      Peupeujeuh ari ka dayeuh,
Meuli kupat jeung gorengan,
Peupeujeuh ari geus euweuh,
 Ulah ngupat kagorengan.
(berpesan kalau ake kota,
Beli kupat dan gorengan,
Berpesan jika tiada,
Jangan menjelek-jelekan)

10.    Cukleuk leuweung cukleuk lamping,
Jauh ka sintung kalapa,
L ieuk deungeun lieuk lain,
 Jauh ka indung ka bapa.
(jauh di hutan di jurang,
Jauh dari pohon kelapa,
Tak tampak sanak saudara,
Jauh dari  ibu- bapa)


Referensi :
Hadi, Ahmad, Spk. (2009). Peperenian: Kandaga, Unak-anik, Tutungkusan jeung Rusiah Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Kats, J. dan M. Soeriadiradja. (1982). Tata Bahasa Sunda dan Ungkapan Bahasa Sunda. Jakarta: Djambatan.
Koswara, Dedi. (2010). Sastra Sunda Buhun. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Rusyana, Yus. (1982). Pedaran Paribasa Sunda: Pikeun Murid Sakola. Bandung: Gunung Larang.
Tamsyah, Budi Rahayu, dkk. (1995). Kamus Ungkapan dan Peribahasa Sunda. Bandung: Pustaka Setia.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Penguatan Integrasi Pendidikan

PENGUATAN INTEGRASI PENDIDIKAN DALAM ERA DISUPSI Oleh :  Asep Rohiman Lesmana, M.Pd. Pendidikan merupakan suatu entitas yang s...